Sumber: Milist
Penulis: Keroyokan
Lilin dina Geulas
Hiji murid nu kawentar bangor di kelas fisika nanya ka guruna
Murid : Pak, sim kuring gaduh patarosan
Guru : Naon?
Murid : Hiji lilin nu hurung ditutup gelas, lilin eta pareum. Nu kitu teh nunjukeun naon?"
Guru : Teu aya hawa dina geulas
Murud : Salah, Pa.
Guru : Naon atuh?
Murid : Ngabuktikeun yen urang kirang padamelan
(Mang Jamal)
Dibungkus
Di toko bahan bangunan
Asep : Cik punten meser paku sakilo
Pelayan : dibungkus?
Asep : Henteu, bade dituang di dieu (ceuk Asep keuheul)
Pelayan : &^%*#$
(Mang Jamal)
Mabok di Tengah Jalan
Hiji pemuda keur naek motor bari ngebut sataker kebek. Keur kitu,
motorna ujug-ujug direm ngadadak bisi nabrak hiji pemuda nu keur mabok
di tengah jalan.
"Dasar tolol! Mun mabok ulah di jalan atuh....!" ceuk nu tadi ngebut kesel jeung keuheul.
"Maneh nu tolol mah,"bales nu mabok. "Sakitu ngebut, nabrak teu keuna...."
(Mang Jamal)
Di warung kopi
Adun : "mang kopi susu hiji!"
Emod : "make es teu?"
Adun : "nya make atuh, teu make mah jadi kopi uu"
(Mang Hasan)
Kudu aya S-an
Heuheu... jadi inget nalika kuring ngasistenan praktikum di kampus.
Sakumaha biasa ari prek praktikum teh sok aya kuis heula, kabeneran kuring nu nyieun soalna.
"Gambarkeun struktur asam amino glisin!" ceuk uing teh.
"Mangkahade, glisin teh salasahiji asam amino nu ngandung S!" ceuk uing deui nalika keur ngawaskeun nu migawe kuis.
Barudak arolohok sakedapan, tapi saterusna mah pating elengeh.
"Nya heueuh atuh!" ceuk praktikan nu urang Sunda teh.
Da memang najan glisin teu boga unsur "S" (sulfur, walirang) na wangunan
molekulna, ari nulis glisinna mah tetep bae kudu aya "s"-an.
(Kang Kandar)
22M
Dua murid, Ade jeung Aa keur milu piknik ka museum. Manggihan mumi di hiji
kaca. Handapeunana aya tulisan 225M.
Ade : " 22M eta maksudna naonnya?"
Aa : " Sigana nomer mobil nu nabrakna baheula...."
(Mang Jamal)
Kadaharan Paling Haram
Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"
(Mang Jamal)
Laknat
adun: "pagawean naon anu dilaknat ku Allah?"
danu: "ngarogahala!"
adun: "ari nu dilaknat ku Allah oge disatru ku setan?"
danu: "ngarogahala anak setan!"
(Mang Hasan)
Smary Saklitinov
Di hiji kelas, bu guru anyar keur ngabsen murid-muridna. Bu guru
katarik ku hiji ngaran, panasaran, nya dicalukan di murid nu boga
ngaran aneh eta.
Guru : "Smary Saklitnov, cik kadieu!"
Murid : "Ya, bu, abdi"
Guru : "Kadieu, maneh turunan Yugoslavia, nya?"
Murid : "Sanes, bu!"
Guru : "Eropoa Wetan? Polandia?"
Murid :"Sanes..."
Guru : "Naha atuh ea ngaran maneh Smary Saklitnove?
Murid : " Ooh..eta. Smary teh singketan ti nami bapa (S)urtono sareng ibu (Mary)anti."
Guru : "Mmmm...ari Saklitnov?"
Murid : "Sabtu Kliwon Tujuh November."
(Mang Jamal)
Do...
Sarua ieu oge di hiji kelas, guru anyar nyalukan hiji murid anu ngaranna "Dojang"
Ibu Guru :" Jang, cik kadieu, antik euy ngaran teh, bener Dojang?"
Dojang :" Sumuhun Bu, da abdi mah katurunan nami antik"
Ibu Guru :" Kutan, saha kitu ngaranna bapa maneh teh, Dojang?"
Dojang :" Dosep, Bu"
Ibu Guru :" Ari indung maneh saha?"
Dojang :" Doneng, Bu
Ibu Guru :" Lanceuk-lanceuk?"
Dojang :" Dosih sareng Domar, istri sadayana Bu"
Ibu Guru :" Euh, sugan aki-nini maneh mah Doki jeung Doni, nya Dojang?"
Dojang : " Sanesn Bu, teu kenging kitu, dolim namina, saur sepuh oge dolim mah dosa".
(manAR - Kang Oman)
Cara Nyait tina Balai Sorangan
Hiji pamuda ker anteng ngadingdiut dina motor sapanjang jalan lempeng
sisi sawah, ngadadak pasarandog jeung jeung kandaraan sejen. Kusabab
rada malaweung, atuh motorna ngalanggeong, teu lila brus tigebrus kana
sawah. Motorna tilelep dina leutak sawah anu karek beunang macul nepi
kana lebah cangkeng manehna.
Si Pamuda luak-lieuk teu manggihan sasaha. Arek ngarawel tatangkalan
sisi sawah keur pamuntangan jeung panyentokan, boro-boro tatangkalan,
jukut peang oge teu satangkal-satangkal acan. Gogorowokan ka ditu ka
dieu menta tulung, weleh taya anu nembalan da puguh tengah jalan
hara-haraeun, jauh ka pilemburan (sanes filemburan ieu mah, komo film
buruan... mah). Kusabab geus burit jeung kudu buru-buru tepi ka nu
dijugjug, manehna terus neangan akal supaya bisa nguniang ti sawah.
Sukur-sukur jeung motorna, dina heunteuna oge atuh awak sakujur mah
kudu buru-buru kaluar tina leutak anu sakitu belokna.
Kulantaran teu weleh neangan akal jeung ngentrukeun sagala rupa
pangaweruh anu kungsi kabaca atawa katarima, nya manehna inget kana
hiji papagon ("resep") nyait balai sorangan, khususna kajadian (kasus)
tilelep dina taneuh belok. Prak bae dicobaan, kieu carana teh: "Motor
didempet ku dua pingping pageuh kacida, awak diheuraskeun, tuluy bae
gegerenyeman ngadu'a jeung nguatkeun tekad. Teu katinggaleun koncina
eta papagon: leungeun luhureun sirah, bari ramo ngajenggut buuk ditarik
ka beulah luhur". Nya ku tekad anu kuat mah teu kaur molonyon oge, awak
manehna katut motorna katarik, bisa kaangkat tina leutak. Teu percanten
nya, baraya? namina oge rahul. Kade ulah dicobian "resep"-na.
(manAR - Kang Oman)
Dina rangka pupujieun
Dina rangka pupujieun, Adun jeung babaturanana milu pelatihan teuing di
ITB. Caritana hiji sobat Adun meuli gantungan konci nu make Logo ITB,
terus pamer ka Adun
Ibro (sobat Adun) : Dun, tempo yeuh urang meuli ieu. (bari ningalikeun gantungan konci).
Adun: Jang Naon Bro ?
Ibro : Jang anak sayah. Jadi lamun anak sayah nanya, ku urang dijawab
"Papa baru pulang sekolah di ITB" (kata Iqbal dengan penuh Wibawa &
Kebanggan).
Adun : Lamun anak maneh nanya "pah ITB teh apa ?"
Ibro : Institut Teknologi Bandung.
Adun : Lamun anak manek nanya "Kalo Institut Apa ?"
Ibro: Institut......nya institut....!. Ari ceuk
maneh naon..? (Iqbal balik nanya bari ngetest)
Adun : Piraku poho? pan aya laguna..
Ibro: Kumahaaaa .....?( panasaran)
Adun : Institut Daun Sampeu, saha nu hitut eta nu ngambeu.
Ibro : Gelo sia mah, kakolot teh. (bari indit)
Adun : Bae ahh..
(Mang Jamal)
Buruan Cium Gue !
Lantaran panasaran ka pilem Buruan Cium Gue anu keur heboh lantaran
adeganana matak ajol ajolan jajantung, si aki jeung si nini malem
minggu kamari indit ka bioskop twentiwan nek lalajo. Dijero bioskop si
aki teu ngiceup ngiceup ningali adegan anu keur silih lamot biwir, ari
si nini mah jongjong we ngabeuweung borondong garing anu ditempat eta
katelahna pop corn tea.
Balik lalajo si aki alewoh nyaritakeun deui adegan anu kungsi ditingali dina pilem eta.
" Nini asa kaingetan euy, pan salila urang bobogohan tug nepikeun
kasakieu kolotna asana can ngasaan nu ngarana silih lamot biwir teh !"
ceuk si aki mimiti kapangaruhan ku adegan pilem.
" Enya euy aki...kumaha mun urang nyalingker heula kanu poek !" tembal
si nini satengah ngajalanan. Atuh teu diengkekeun deui dua duana terus
nyalingker kanu poek. Dinu poek nu kadenge teh ngan ukur sora si nini
semu ngaharoshos.
" Buruan cium dewek !"
Tilu jam tilu puluh menit tilu puluh detik, si aki jeung si nini kakara ting kulunu tinu poek, pok si aki nanya ka si nini.
" Nini....kumaha rasana euy ?"
" Ueudaannnn meennnn !" tembal si nini nurutan iklan energy drink.
" Niniii...ke..ke....rarasaan teh aya nu melag dina tikoro ?" ceuk si aki semu reuwas bari ngarancetan tikorona.
" Puguh nini ge keur reuwas ieu teh...huntu palsu nini luncat kamana nya?"
(Kang Syam Ridwan)
Setruk
Saprak aya iklan cai enteh anu dibotolan berhadiah kujalan ngumpulkeun
setrukna. Anu jajan, boh direstoran atawa diwarung sok tara poho
nanyakeun setrukna. Malahan jang Ibro waktu keur apel disuguhan cai
enteh ku bebenena, manehna ngaharewos.
" Yang....kade hilap setrukna !" padahal cai enteh anu disuguhan teh lain anu dibotolan, tapi ngadadak naheur dina hawu.
Kocapkeun dihiji restoran, dihareupeun kasir ngagimbung anu nek mayar
kadaharan kumplit jeung inuman cai enteh nu dibotolan tea, keur
ngagimbung kitu, aya salah saurang jalma nu teu sabar hayang geura
meunang setrukna, tur langsung ngagorowok kakasir.
" Gewat euy setrukna, dewek butuh pisan !" Pokna rada teugeug
" Sabar atuh kang !" tembal kasir bari baeud.
Sanggeus meunang setruk mah sijalma teh, langsung we ngabecir kaluar, atuh puguh we si kasir nyalukan.
" Kang ieu katuanganana diculkeun wae !"
" Mangga we kanggo eneng, abdi mah butuh setrukna wae !"
" Jadi ujang teh butuh setruk kitu ?" ceuk hiji jalma tengah tuwuh,anu
kakara asup tur leungeunna semu ngoroncod sarta mamake iteuk.
" Eh..muhun pa...abdi butuh pisan...naha bapa kagungan kitu ?"
" Puguh bapa teh tos lima taun gaduh setruk, mangga upami peryogi mah
ku bapa bade dipasihan..bapa mah tos bosen ngubaran !" (SR)
(Kang Syam Ridwan)
Bau jengkol
Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay
kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji
terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan
hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih
dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek
asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran
lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup,
tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok
nanya.
" Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb.
" Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus..
" Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge
tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana
!" Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.
" Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?"
" Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !"
(Kang Syam Ridwan)
Raja Copet
Disalahsahiji kios dompet, saurang pamuda anu leungeuna pinuh ku tato keur anteng cinekul milihan dompet.
" Mangga kang...ieu kaluaran enggal asli tina kulit dinosaurus, tah pami nu ieu tina kulit godzila !" ceuk tukang dompet.
" Aya model sejen ?"
" Sadayana ge sami kang...model anti copet..ngan nu benten teh rantena
panginten...aya nu saageung rante anjing, tah upami hoyong saageung
rante kapal kedah pesen heula !"
" Jadi sia nu ngabangkrutkeun pakasaban aing teh !" ceuk eta pamuda ujug ujug nyeuneu.
" Maksad akang ?"
" Paingan kabeh jalma, make dompet anti copet da tisialing nya ?"
" Sae atuh kang, meh aman !"
" Sae sae tai pedut...buktina panghasilan dewek ngurangan !"
" Jadi akang ge tukang dompet oge kitu ?"
"Lain !"
" Naha geuning bet nyalahkeun ka abdi, nya pakasaban akang teh naon kitu ?"
" Mun teu nyaho mah dewek teh raja copet..deuleu !"
(Kang Syam Ridwan)
|
Ditulis oleh Husam Suhaemi
|
|
Friday, 16 September 2005 |
|
|
|
Terakhir diperbaharui ( Wednesday, 10 May 2006 )
|
Number of comments (0) - Add your comments to this article... You are not authorized to leave comments - please login. |